7.6.13

CARITA LUCU: CARA MICEUN KASIEUN



Kacaritakeun di hiji kampung anu acan asup listrik, aya dua pamuda pasalingsingan di kebon awi, nu ngarana peuting bari jeung euweuh penerangan, bisa dibayangkeun poek pisan,,,ngan paling oge ari sakolebatan mah bisa kaciri ngan pastina mah moal jelas....

Biasana lamun urang pasalingsingan jeung batur nu teu wawuh,,urang pasti aya rasa kahariwang, sok sieun eta jalma teh lain jalma hade, atawa bisa-bisa eta teh lain jalma alias juriggg,,, pikeun miceun kasieun aya salah sahiji cara lamun urang pasalingsingan jeung nu teu wawuh dina tempat poek, saperti pangalaman dua pamuda di handap ieu:

A: " Hallow Diin,,,rek ka mana euy...? "

B: " Eeh ieu Ceng,,, rek ka hareup...!!! "

A: " Urang mah lain Aceng euy...!!! "

B: " Ahh,,, paduli da urang ge lain Udin...!!! "

Tah kitu pamiarsa salah sahiji cara miceun kasieun lamun urang pasalingsingan dinu poek jeung nu teu wawuh,,,tong boro jeung nu teu wawuh, jeung nu wawuh ge da ari teu kaciri beungeut bakat ku poek mah  pasti moal nyaho saha anu ngaliwat eta ....



No comments:

Post a Comment