26.12.18

Carita Lucu: SALIWANG



Di hiji RT keur aya acara rapat,,,nu diondangna teh bapa-bapa hungkul, acara rapat eta teh dina raraga perencanaan kerja bakti poe Minggu....

Kacaritakeun acara rapat teh acan derr, biasa weh ari bapa-bapa mah ngarobrol heula ngaler ngidul,,,torojol weh aya hiji bapa-bapa kerek datang,,,kabeh pada arapal yen eta teh si Bolot, eta ngaran ukur landian hungkul soalna manehna teh kurang ngadenge alias saliwang, matakna diaranan Bolot....



Bolot: " Assalamu'alaikum...!!! "
Bapa-bapa: " Wa'alaikum salam...!!! " ( kabeh ngajawab bareng )


Bolot: " Assalamu'alaikuuum...!!! " ( rada narikan sorana )
Bapa-bapa: " Wa'alaikum salaaaam...!!! " ( bapa-bapa ge sarua narikan ngajawabna, malah sawareh mah bari jeung ngajorowok...)
Bolot: " Cing atuh euy jawab ari aya nu salam teh,,, lain kalahkah disurakan...!!! " ( ngomong ka bapa-bapa bari jeung ambek )
Bapa-bapa : " Euuhhh dasar toreeekk.....!!!! " ( ceuk bapa-bapa sing jararowok )
Bolot: " Tah kitu atuh jawab ari Assalamu'alaikum mah ku Wa'alaikum Salam,,,lain disurakan,,, gening arapal..." ( ceuk manehna,, terus weh diuk )

Bapa-bapa ngan ukur gogodeg....

Bolot: " Dina raraga naon cenah ieu rapat teh...? " ( ceuk si bolot nanya ka batur gigireuna, si Udin )
Udin: " Acara perencanaan kerja bakti jang poe minggu ceunah ceuk pa RT Mah " ( tembal si Udin )
Bolot: " Innalillahii wa inna ilaihi rooji'uunn,,, bapa maneh maot...? iraha,,,? naha euy urang teu apal? " ( jawabna teh )
Udin: " Saha anu maot...?,,, euweuh nu maot euy...!!! " ( jawab si Udin rada keuheul )
Bolot: " Bapana maot euy...!!! " ( ceuk si Bolot bari noel ka nu gigireun hiji deui ngarana, Adul )

Si Adul ngan gogodeg,,, da manehna mah geus apal pisan, ngomong jeung si Bolot mah moal aya tungtungna, jeung teu nyambung deuih,,,ari si Udin mah teu pati apal yen si Bolot teh saliwangna parah pisan...

Bolot:" Ku naon atuh kasakitna...? " ( ceuk si Bolot ka Si Udin deui )
Udin: " Euweuh nu maot euy...!!! "
Bolot: " Liverr...?,,, euhh karunya teuingnya,,, geus sabaraha poe? "
Udin: " Euweuh nu maot...!!! " ( jawabna deui, bari rada ambek )
Bolot: " Ohh geus dua minggu,,, heug atuh sing sabar wehnya, da bakal katuturkeun kuurang-urang oge... di mana atuh dikurebkeunna ... ?"
Udin: "  Ah cape ngomong jeung maneh mah matak TBC euy,,, euweuh tungtungna,,,euweuh nu maot...!!!" ( ceuk si udin deui )
Bolot: " Ohh di Ciamis,,,jauh oge nya,,,sabaraha jam ari ti dieu...? "
Udin: " Dasar Bolot torek siah...!!! " ( ceuk si Udin deui ngahajakeun ngajawabna teh)
Bolot: " Ohh tujuh jam,,, lila oge nya euy,,, cangkeul meren nya,,,sabaraha mobil ti dieu...? "
Udin: Nyao siah ah lieur aing mah euy ngomong jeung maneh mah...itu aya nu geulis...!!!" ( ceuk si Udin nunjuk ka lawang panto )
Bolot: " Mana euy...??? " ( ceuk si Bolot meuni rikat bari ngalieuk ka lawang panto ), ah siah nipu itu mah si Karto ...!!! " ( nembal deui ka si Udin bari nyerengeh )

Singhoreng anu aya di lawang panto teh pa Karto alias ketua RT,  rek ngamimitian rapat tea...

Udin: " Ah ari kanu urusan awewe geulis mah ngadenge maneh mah...!!! " ( ceuk si Udin bari ngadegungkeun si Bolot bakat ku keuheul )

Dasar memang saliwang, sakitu deukeut ge angger weh teu jelas kadengena,,,kalahkah nu lain-lain kadenge jeung ngajawabna teh...

No comments:

Post a Comment