29.5.13

CARITA LUCU: WIRANTA JAWARA TI SEBRANG



Di hiji kampung kacaritakeun mindeng aya rampok,,,

Hiji waktu aya hiji lalaki ngarana Wiranta, kerek balik ti Bank nyokot duit diwadahan kana kantong, terus ngaliwat ka daerah anu loba rampok tea,,,dina pikirna: " wah moal salah yeuh aing pasti dibegal, soalna didieu cenah loba rampok..."

Teu kungsi lila jungjleng opat urang rampok make teregos bari mawa bedog,,, " wah,, bener euy ceuk pikiran aing,,, pasti di begal ! " ( gerentes hatena ), tapi ku tenang-tenangna ieu jelema dipegat ku opat urang rampok bari marawa bedog teh teu ngacirikeun sieun,,, malah wani nyentak ka eta rampok teh...

Wiranta : " Arek naon siah maraneh teh...? rek ngarampok aing siah ? ( bari tutunjuk ) , dikira aing sieun ,,? sok maraju ...!!!

Dikitukeun eta rampok teh rada seber,,,dina jero pikiran maranehna ieu jalma teh lain jalma sambarangan,,,dikitukeun ku si Wiranta teh teu warani maju....

Wiranta : " Sok sok siah lain rek ngarampok aing,,,!!!???  kalah caricing kitu !!!,  yeuh bisi maraneh teu apal aing Wiranta jawara kasohor ti kampung sebrang,,,sok lamun maraneh teu wani ti hareup,,, ti tikang siah !!! ( bari malik ka tukang, ari maksudna mah rek nga gos ngarah teu waranieun... )

Na eta mah teu kungsi lila,,, ari di kitukeun mah eta rampok teh warani,,, but bet ngadek ka si Wiranta anu malik nukangan maranehna...

Wiranta : " Minggeus siah ngaradekna,,,, !!!??? "

Eta rampok teh beuki reuwas ngadenge eta jalma teh ngadon nanya kitu....

Wiranta : " Tah mun geus beres ngaradekna,,,paeh atuh aing...!!!" ( bari ngajoprak )

Rampok : " Harrr ituh sugan teh jago siah...!!! " 




No comments:

Post a Comment