28.5.13

CARITA LUCU: LALAKI SIEUN KU PAMAJIKAN




Kacaritakeun di hiji kampung kabeh lalaki salembur dikumpulkeun di lapang ku kades…

Kades    : “ Urang pisahkeun heula euy,,,  lalaki anu teu sieun ku pamajikan ka kenca,,,anu sieun ka katuhu…!!!”

Atuh Hampir kabeh pindah ka katuhu,,,ngan aya saurang nu cicing di kenca…

 “ Wah aya oge nu teu sieun ku pamajikan euy…!!! ” ( ceuk kades dina jero pikirna ), panasaran eta kades teh,,, terus weh nanya ka lalaki eta …

Kades    : “ Kunaon maneh cicing di kenca…!!!???,  Maneh teu sieun ku pamajikan euy…? ".

“ Duka atuh pa,,, da abdi mah dipiwarang ku pun bojo…” ( ceuk lalaki eta )

Kades    : “ Euuhh…kehed teh ari kitu mah sarua atuh euy…!!!  Sugan teh teu sieun ku pamajikan,,,pindah atuh siah ka katuhu..!!! “



No comments:

Post a Comment