3.6.13

CARITA LUCU: Kunaon Tukang Bubur Kacang Nakolan Mangkok ?





Adul : " Del urang tatarucingan yu ah...! "
Adel : " Hayu lah,,,sok ti maneh heula...! "
Adul : " Hayam rintit nonggeng ka langit,,,naon cing ? "
Adel : " Ah hayamna weh eta mah keur diparaban jadi nonggengan langit..."
Adul :  " Euuh... maneh mah pan ngarana ge tatarucingan atuh,,, maksudna mah eta istilah keur "Ganas"..."
Adel: " Heueuh atuh da urang ge nyaho, eta mah tarucingan heubeul atuh, cing nu lainna lah nu panghesena...!"
Adul: " Sok lah,,,sato naon anu matana loba saawak-awak mata hungkul...? "
Adel: " (ngahuleung)...naon nya euy rada lieur eta mah...!!???, taluk ah sato jadi2an meuren eta mah..."
Adul: " Hahahah,,, sato nu matana saawak-awak mah,,, Peuteuy euy sok weh ilik2 ku maneh..!!! "
Adel: " Aeh heueh nya mata hungkul saawak-awak,,,gelo teh euy,,, sok ayeuna ti urang,,, kunaon tukang bubur kacang nakolan mangkok...? "
Adul: " Ah maneh mah,,,nya ngarah payu atuh meh arapaleun yen manehna teh dagang bubur kacang...!!! "
Adel: " Nya lain atuh,,,jauh-jauh ilaing mah...!!! "
Adul: " (ngahuleung),,, euuh,,, ngarah kadenge ku nu rek mareuli atuh...!!! "
Adel: " Lain ah,,,beuki jauh maneh mah..."
Adul: " Kunaon nya...? kurupuk meureun,,,lieur ah taluk..!!! "
Adel: " Hahahah,,, tukang bubur kacang nakolan mangkok mah nya ku sendok atawa ku garpuh,,,moal mungkin ku halu mah,,,hahahah,,,hiji-hiji euy...!!!!
Adul: " Jadol teh heueuh nya jauh-jauh aing ngajawab teh..."




No comments:

Post a Comment